
PEPERENIAN SI ABAH
Buku referensi materi bahasa Sunda dan FTBI
Rp80000.00Rp60000.00
Penulis: Unang Sumarna
ISBN: (dalam proses pengajuan)
Penyunting: Nizar Machyuzaar
Desain Sampul dan Tata Letak: Tim Kreatif MPI
Penerbit: Yayasan Mata Pelajar Indonesia
Yayasan Mata Pelajar Indonesia, 10-2025-PB
Cetakan Pertama, November 2025
Tasikmalaya; Pustaka Budaya MPI, 2025
115 hal, 14 x 20 cm, 300 Eks
PANGANTEUR PANGARANG
Sugrining puji kalih sukur disanggakeun ka Dat Alloh Nu Maha Ghofur. Ku rohmat sinareng barokahna nu nulis bisa ngaréngsékeun ogé buku ieu.
Dasar pamikiran disusunna buku ieu nyatana masih loba kénéh nu ngarasa bingung nyayagikeun naskah pikeun Féstival Tunas Bahasa Ibu atawa FTBI téa. Loba ti ditu-ti dieu nu ménta conto naskah pikeun kagiatan éta ka nu nulis. Ku sabab kitu nu nulis mikir, leuwih hadé naskah nu bacacaran, nu kungsi dibagikeun ka sasama guru di Jawa Barat ieu, asa leuwih hadé dikumpulkeun waé dina wangun buku ngarah énténg ngoréhanna saupama aya na butuh deui téh, da lamun disimpen na mémori telepon mah sok aya kalana kapupus, na laptop kalan-kalan wegah mukana. Sakali deui buku ieu disusun pikeun mantuan sasama guru dina enggoning nyiapkeun naskah pasanggiri basa Sunda nu leuwih jauhna bisa dipaké jang panglengkep atawa référénsi média ajar basa Sunda di kelas.
Dina buku ieu dipidangkeun welasan conto biantara nu saluyu jeung katangtuan jejer na juknis FTBI. Jang tingkat SLTA aya jejer ngamumulé basa Sunda. Pikeun tingkat SMP aya jejer étika jeung tatakrama, numuwuhkeun kréatifitas, anti milaraan(bullyng), pentingna atikan, ngaronjatkeun kareueus kana budaya Sunda, étika ngagunakeun téhnologi informatika, jeung hormat tilawat ka guru. Sedengkeun pikeun tingkat SD aya jejer impian jeung cita-cita, mimitran (duduluran), hormat tilawat ka indung bapa, miara lingkungan, jeung pentingna olahraga.
Di sagigireun éta ogé ditambah ku conto naskah borangan, jeung sapuluh judul dongéng sasatoan (fabel). Dongéng sasatoan nu sabenerna mah geus ilahar kapanggih ku urang. Tapi angger ari dina mangsana mah sok hésé ngoréhanna. Tinimbangan nu nulis dongéng mah anonim ieuh jadi bisa dicaritakeun ku saha waé. Ieu gé dongéng nu kacangkem ku nu nulis nu kungsi diajarkeun ku guru mangsa keur SD, da guru basa Sunda kuring mangsa di SD mah unggal rapih hiji matéri pangajaran geus pasti diburuhan ku dongéng, tah na ieu buku nyoba dicaritakeun deui, contona waé suling aing tulang maung, sasakala gagak buluna hideung, sakadang monyét maling cabé, jsté.
Ku disusunna ieu buku nu nulis miharep salianti bisa mantuan sasama guru, leuwih jauhna bisa ngeuyeub-ngeuyeub kana dunya sastra Sunda.
Tirta, 14 Agustus 2025
Unang Sumarna
